Minggu, 11 November 2018

Leunca

Leunca

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigationJump to search
Leunca
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:Plantae
Divisi:Magnoliophyta
Kelas:Magnoliopsida
Order:Solanales
Kulawarga:Solanaceae
Génus:Solanum
Spésiés:S. nigrum
Ngaran binomial
Solanum nigrum
L.
Subspésiés
S. nigrum subsp. nigrum
S. nigrum subsp. schultesii
Leunca (Solanum nigrum) ngaran hiji spésiés dina genus Solanum, pituin Eurasia nu disebarkeun ka Amérika jeung Australasia, tumuwuh liar, jangkungna 30–120 cm, daunna rérégéan, panjangna 4-7,5 cm. Buahna buleud sababaraha dina sagagang, kelirna héjo (ngora) nepi ka hideung (kolot), sok didahar pikeun lalab.

Toksisitas[édit | édit sumber]

Leunca nu héjo kénéh jeung daunna anu geus kolot ngandung glikoalkaloid antukna ngandung racun mun didahar atah. Toksisitasna teu sarua, gumantung galurna[1]. Najan jarang pisan nepi ka parna karacunanana, kungsi aya laporanana. Racunna téh cenah asalna tina solanin[2].

Katuangan[édit | édit sumber]

Di Tatar Sunda jeung India, leunca biasa dipelak jeung dilalab. Olahan nu paling kawentar nyaéta karédok leunca.

Mangpaat[édit | édit sumber]

Masarakat loba nu nganggap leunca téh kaasup afrodisiak.

Galeri[édit | édit sumber]

0 komentar:

Posting Komentar